Dina
dinten engkin, para peneliti ilmuan NASA bade ngalakukeun eksperimen
pikeun ngabudidaya keun tangkal kentang dina planet mars. Eksperimen ieu
sakaligus bade ngabuktiken yen jalma sabenerna bisa melak tangkal di
planet lain.
Penelitian
ieu dilakukeun ku International Centre Potato atawa CIP sarta NASA.
Ilmuan awalna bade nyieun tempat nu ngarupakeun kubah pikeun melak
bibit-bibit tangkal kentang nu bisa di kendalikeun di planet mars.
Tantuna
para paneliti oge kedah diajar soal parubahan iklim nu aya diplanet
ditu. Lamun cenah tangkal kentang tiasa di pelak di planet mars, mangka
urang bisa nyelametkeun kahirupan dibumi engkena, kitu ceunah saur salah
sahiji ilmuan nu ngarana Joel Ranck (CIP).
Tujuan
tina eksperimen ieu, nyaeta pikeun ningkatkeun kasadaran jalma yen
pentingna melak tatangkalan tarutama tatangkalan anu ngandung gizi anu
sae misalna tangkal kentang ieu. Salain
eta, eksperimen ieu dilakukeun pikeun ngahahindarkeun kakurangan gizi
global, kalaparan global, kamiskinan, sarta budidaya di kawasan dunya.
Awalna,
eksperimen dilakukeun sateuacana make taneh tina gurun pampas de la
joya, nu ampir mirip jeung taneh nu aya dina planet mars. Para
eksperimen engkena bade neliti atmosfer mars di laboratorium.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar